2 Contoh Teks Pidato atau Biantara Sunda Terbaru untuk Referensi Belajar dan Tugas Sekolah
- Pixabay/richardkhuptong
Banten – Pidato bahasa Sunda atau orang Tatar Pasundan menyebutnya dengan biantara Sunda adalah seni berbicara di depan banyak orang.
Pidato bahasa Sunda atau biantara Sunda biasanya disampaikan dalam berbagai acara seperti sekolah, pernikahan, pengajian dan lainnya.
Dalam artikel kali ini, akan diberikan ulasan tentang 2 contoh pidato bahasa Sunda paling baru, ini biantara Sunda terbaru.
Dikutip dari berbagai sumber berikut ini kami sajikan 2 contoh pidato bahasa Sunda atau biantara Sunda berbagai tema.
1. Pidato Bahasa Sunda tentang Pendidikan
Assalamu alaikum warahmatullahi wabarokaatuhu..
Bapa Ibu anu ku simkuring dipihormat.
Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Allah SWT nu Maha Welas tur nu Maha Asih.
Ku sifat Rohman sareng Rohim-Na, ayeuna urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat dina raraga tolab elmu, nyiar pangarti dina urusan kaislaman.
Bapa sareng Ibu anu hadir didieu. upami ku urang sadayana dilenyepan, jaman kiwari teh parantos seueur perobihan, ti jaman urang kapungkur dugi ka ayeuna, benten sareng tebih pisan perobihanna.
Ti kawit alat transportasi, dugi ka teknologi ayeuna serba canggih. Kapungkur, urang dimana hoyong patepang teh kedah sumping ka tempat anu dimaksad.
Tapi, ku jaman kiwari mah tos aya HP nu aya kamera payuna. Nu mana upami urang hoyong ngobrol papayun-payun teh kantun nganggo teknologi nu di sebat video call.
Tah eta salah sawiosna teknologi ayeuna nu canggih teh. Sareng masih seueur keneh nu sanesna. Kacipta na eta teh teu leupas tina pendidikan.
Kumargi kitu, pendidikan di jaman ayeuna teh diraos penting pisan kanggo putra-putri urang salaku generasi penerus di jaman anu bade dongkap.
Cobi emutan ku urang sadaya. Di tengah-tengah maju na teknologi, kumaha upami putra sareng putri urang teu di bahanan ku pangarti?
Tangtos anjeuna bakal katingaleun tebih ku persaingan kerja, kumargi ayeuna oge pami hoyong damel teh kedah gaduh ijazah anu luhur pami hoyong kenging damel anu sae mah.
Atuh sajaba ti eta, pendidikan teh mangrupikeun media kango nyiar elmu atanapi pangarti. Dina salah sawios katerangan aya nu nyebatkeun yen pendidikan teh saumur hirup, teu mengenal yuswa.