Inilah 4 Contoh Biantara Sunda Berbagai Tema, Singkat dan Jelas Dilengkapi dengan Struktur

Ilustrasi contoh biantara Sunda
Sumber :
  • Pixabay/lograstudio

Wilujeng enjing sadayana, bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat, sareng rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta.

Usai Dilantik, Pj Walikota Tangerang Langsung Ngegas Bahas Program

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT, anu parantos marengkeun urang sadayana dugi ka tiasa patepang dina ieu acara.

Alhamdulilah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Pembubaran FPI Akan Ditinjau Ulang Jika AMIN Menang, KH Matin Syarkowi: FPI Layak Dibubarkan

Pala wargi anu ku simkuring dipikahormat, dina ieu waktos simkuring bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. 

Urang sadaya kedah atanapi wajib ngajagi lingkungan sareng awak nyalira sangkan ditebihkeun tina sagala rupi panyakit.

Kisah Horor Kemunculan Nyi Roro Kidul, Jangan Coba-coba Pakai Kaos Hijau di Pantai Selatan

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. 

Meresihan salira atanapi ibak, maresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto anu disebat hirup anu sehat. 

Conto anu sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah dimana wae, batuk atanapi bersin kedah nutupan baham.

Upami sadidinten urang ngajagi kabersihan, awak urang bakal bersih atanapi suci tina sagala rupi kokotor. 

Beresih teh hartosna beresih sucina urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. 

Urang kedah mikacinta kana kaberesihan supados manah urang oge suci sareng beresih.

Pala hadirin sadayana, rupina dicekapkeun sakitu anu kapihatur, kirang langkungna mugi tiasa dihapunten.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Halaman Selanjutnya
img_title